0

Carpon, Lebaran Tacan Lekasan

Carpon, Lebaran Tacan Lekasan

carpon,lebaran tacan lekasan

Meugeus tong di pikiran wae, da kuring ge sarua ! ceuk mang Ende  waktu nempo  gurat beungeur jang Ela suherlan anu katembong nguyung. Heueuehda matak oge geus jadi adat kabiasaan , boh arek mapag lebaran atawa sumawonna keur prakna lebaran mah , enya sok kudu wae barang beli keur lebaran teh !, komo anu baroga budak leutik mah , keur mah rea budak loba kahayang “ ah di pikiranmah sok matak bunghak dada nya jang ?

Jang Ela ukur nempo ku juu panon ka mang nde anu keur menrong ka manehna, katingali jang Ela narik napas beurat, seuri kapaksa  “ heueuh da maksakeun tea meureun! Ku ka eungap na jero dadana. “ tah kitu, keun wae seuri saeutik ge lumayanlah , asal ontong cara tadi taya dangiang kadeuleuna ge !  geus pok deui mang Ende nyarita. Jung enyana deuih ayeuna geus deukeut ka mangsa lebaran.

Bari ari ningali basa mah “ lulubaran” meureun ! ngalubarkeun sagala dosa anu patali jeung gusti oge jeung papada manusa, balik deui ka fitrah cenah, jeung enyana jang Ela teh lain taya gadag , tapi dalah di kumaha , budak rea aya kana limana ! heueuh eta ge lain kahayang meureun , da meunggeus ari narekahan mah , ku jalan KB tea , teu cocok ! nu antuk na mah nya kitu tea we Tunji alias sataun hiji he he !, tapi anapon kitu , meureun di percaya kunu kawasa pikeun miarana, lain bohong atuda !,  rek tatanen taya cai , gararing, teu sirikna bareulah taneuh sawah ge, sumawonna di tegal mah, malah matak bangseng ngambeu hawa taneuh na oge.

Dek ka kota keur mah kurang kabisa , oge taya anu mawa , lieur puguh  di jaman ayeuna mah, da eta lamun kurang iman jeung imin mah sigana mah geus umaha polah narekahan hirup teh, kadar sahuapeun oge coy ! “ Enya mang Ende sok ras ka budak ari aya kahayang teh sok jarang katedunan, jajauheun ngaleuwihan kana kahayang jeung pamenta budak mah ! kadenge jang Ela suherlan cumarita. Mang Ende ukur mesem “ enya atuda jang ela ari hirup rek di pikiran mah , hirup mah kumaha urangna atuh,  di bawa susah nya susah  di bawa senang nya senang  ! contona tong jauh , emang sorangan  puguh ieu teh keur lieur  cohagna mah , asa ngadahar kolecer , tapi keun da sakieu ayana, di pikiran ge  kalah nambah nambah pipanyakiteun lain ? ih aya ku ngagorolang tah mang Ende cacarita, he he sigana mun jadi juru dalang mah bakalan nomer hiji he he ngan ..ti tukang !.

Kungsi ka kota jang Ela ge ngan nyakitu tara lana ayeuna mah di gawe teh , da kitu ukur tilu bulan ganti , tungtungna rieut mending di lembur puguh deui ngariung jeung anak pamajikan , balik jinis ka desa , lumayan ngojeg ayeuna mah , dari pada diuk ngahurun balung ! ngan ayeuna rada sepi ngojeg teh deuih ! “ enya kitu we jang ela , sing hegar lah , emang mah rada tunduh rek balik heula, sok we nya sugan aya panumpang ! bari nyarita cengkat muru motorna, gerung ..gerung sora motor di sada “ hayu ah ! gorowokna , motor maju ninggalkeun jang Ela na golodog paragi mangkal.

Ih ! rada ngarenjag aya anu nepak tukangeun,  da puguh keur rada malaweung ! “ Ojeg jang ? ceuk saurang lalaki. “ Muhun pak ! jawab jang Ela, rikat muru motor “ euh karek ngalarisan , sakieu geus rek ampir sore teh ! “ Ka desa ci nunggal jang ! ceuk si bapa ngabejaan tujuanana, jang Ela ukur ngamanggakeun. Teu lila nganteurkeun teh ari ku jalan alus mah asa tereh , ngan sakolepat.

Ngan bari mayar si bapa teh bari mere bungkusan keresek ,” dahareun sigana mah, enya da teu pati di sidik sidik era tuda ari hareupeuna mah , kacida ! balik ka tempat mangkal can katingali mang Ende , nu aya teh si diat jeung mang Bandi keur garapleh “ ah , re balik wae, lumayan lima rebu perak ge keur sambeleun , sakitu ayana ! biur webalik datang ka imah teu loba carita, muru kamar , goledag les wa paeh sakeudeung alias sare.

Hudang soteh bane we ceu siti pamajikanana ngageubig geubig “ ah engke wae buka mah ‘ rada hoream jang Ela nyaritana oge, maklum keur sare tibra di hudangkeun !, “ Ieuh bapana hudang heula atuh ! ceu siti keukeuh ngageubig geubig, hoream hoream oge jang Ela hudang, nangkeup tuur he he untung teu bujur ge nya..panona masih peureum . “ Ari bapana, di titah hudang teh kalah nangkeup tuur, ieuh ..ieu teh naon ? ceuk ceu siti , leungeuna teu sirikna di kana beungeut jang Ela keun “ Rada ngarenjag hate jang Ela samalah lamun ceuk bohong mah geus luncat kabur pangacian !” Timana maneh boga duit sakitu loba siti ? jang Ela nanya, hatena ratug,” boa boa pamajikan teh salingkuh ari poekeun mah” ceu siti gideug.

“ Heueuh heran kuring ge , pan akang nu mawana oge ? jang ela asa uleng , da jeung enyana ari duit anu sakitu loba mahtimana ? ladang ngojeg lima rebu perak ge can kabikeun ka pamajikan ,masih nilep we na pesak calana. “ Ari manehsiti ngimpi , duit timana akang ? kalah maliknanya. “ eueuh kieu kang , enya basa akang mawa bungkusan tea , ari sugan teh dahareun wae da di kardusan ! “ terus ? jang Ela teu sabar. “ teu langsung di buka , keun wae engke sakalian bari buka puasa meh teu kabita, ngan hate panasaran , waktu barudak arulin pangangguran di buka, ceu siti eureun heula.

“ Na atuh kang, ari gorehel teh , nya ieu pisan   ceuk ceu siti, curukna nunjuk kana duit.  “ Ah hariwang , palangsiang nu miceun sial  ! ceuk jang Ela. “ huss ari suudzon teh kabina bina , ieu yeuh ! ceuk ceu siti bari ngasongkeun keretas, surat sigana mah.  Jang Ela unggut unggutan , ngarti ayeuna mah , eusi surat nyebutkeun , yen eta duit teh duit sodaqoh kalawan halal,  ngan teu apal saha sahana ? da ukur aya tanda tangan “ Bapa “ wungul handapeun surat teh “ euh keun bae, milik urang meureunan siti, teu sangka jeung timana wae jolna ari milik mah , nuhun bapa ! ucap jang ela bareng jeung ceu siti.

Gening lebaran tacan lekasan , alhamdulillah ! meh bareng ceu siti jeung jang Ela ngucapkeun puji syukur kanu Maha Kawasa, nu kawasa masihan berkah  sarta nikmatNa  sanajan hanteu di sangka sangka, teu karasa waktu buka ,budak rame susurakan dulag pating darugdug isukan urang lebaran ,sing tambah tambah syukur jeung kaimanan, nu mulang ti pasawahan 2016.

 

 

 

 

 

 

 

Asep Zepelin

Hanya Manusia Biasa Dengan Sejuta Mimpi yang akan menjadi nyata.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *