0

Carpon Nu Nyangsaya Na Oray Sanca

Carpon Nu Nyangsaya Na Oray Sanca

 

carpon nu nyangsaya na oray sanca

Enya ngarana ge carita jaman baheula anu teuing bener reujeung hanteuna mah, ngan nilik kana kaayaan baheula anu leuweung na ge masih leuweung geledegan jeung gerot asa percaya  da ari sasatoan gede mah tong boro jaman baheula, jaman ayeuna ge aya tur nyata, dina bohongna lumayan we tamba sare beurang beurang, ngariung bari di dongengan , lenyap lenyap, genah kacida.

Ki Ongoh nu mawa beja tur carita, nya kolot tea pastina ge ngalaman alam nu masih asri sarta rupa rupa sasatoan anu ayeuna mingkin kurang katingali, samalah mah cenah aya sabagian anu musnah, matak sok lestarikeun sasatoan teh da jadi ciri bangsa oge sarta bisa ngangkat martabat nagara lain ?

Ki Ongoh cacarita, enya keur mah geus kolot, imahna oge sok jadi pangumpulan balarea, nyakitu mulungan rupa rupa hikmah perjalanan sarta carita jaman baheula, cohagna mah ari tinu ngalaman na mah moal loba teuing salahna atuh ! harita ge nyakitu , ki ongoh medal carita “ barudak ! basana “ Jaman baheula mah teu saperti jaman ayeuna leuweung teh, eureun sakeudeung , ngareret kanu keur nunggu lalakon anu di pedar “Lain nyalahkeun poa euy ! tapi kanyataana na loba pasir nu jadi rata ayeuna mah, ari baheula mah di jaga pisan samalah sok aya patunggon ghaib di tiap leuweung ge !. Saha tea ki ? jang momod panasaran tumanya.

Ari ilaing, aki ge teu apal ngan turun tumurun we aya caritana , cenah tiap mahluk jeung naon wae nu aya , pasti aya patunggona, nu mulasara naon anu ku patunggon ghaib di langlang, boh sasatoan darat atawa cai teu kaliwat oge leuweung leweung, matak jaman baheula mah tara sakahayang neangan suluh ge” Oo..h ! saur manuk. Ki ongoh neruskeun caritana” Aya pangalaman anu matak reuwas, kurang kurangna milik mah matak perlaya” , “ Kumaha kitu ki ? cik caritakeun atuh ! kabeh katingali curinghak, rame yeuh carita teh sigana mah.

Kieu, jaman ngala suluh harita teh, aki indit bareng jeung si koko , si engkos jeung saha ..poho deui aki ge maklum geus lila, indit ngabring ka leuweung tutupan sarta gerot, yeuh baheula sarua aya panjagana aki saparakanca di tanya “ Dek kamarana maraneh ? ceuk patugas hutan teh, nya ku aki di terangkeun ,” Bade ngadamel suluh bapa, tos teu gaduh kangge mirun seuneu ! patugas unggeuk “ Jig bae ngan kudu nyaho aturan, tong nuaran kai anu nangtung keneh, cukup mulungan pangpung  , jaga leuweung ku urang sarerea ! aki saparakanca unggeuk, pamitan ka patugas sarta muru leuweung tempat ngala suluh tea.

Di bagi dua kelompok anu ka wetan jeung ka kulon, nyakitu neangan pangpng garing , sanajan ceuk patugas hutan ulah nuar kai an nangtung sakira dahan koropok mah teu jadi nanaon, sora sato di sarada ah bae kuring mah da teu ngaganggu pikir teh, saeutik saeutik pangpung garing di kumpulkeun tepi ka sahurunan, heueuh da loba tea ari ngaran di leuweung mah.

Ti isuk jedur tepi ka jam sawelas beurang , malik ka si koko jeung si engkos “ Ngaropi heula kos, ko ! kuring umajak, maranehna unggeuk “ Dinu liuh ngoh me genah, komo diukna catang mah euy ! ceuk si engkos eh katingali teu pati jauh aya catang ngagoler, runtuh sigana mah “ Kabeneran kos , di ditu we yu ! ceuk kuring bari muru catang tea gek diuk di tuturkeun si koko jeung si engkos.

Puguhing barudak !, nikmat pisan dahar teh, sambel tarasi jeung lalab sampeu di reumbuy ku daun hui , asin peda di tambahan kurupuk, make angeun kacang anu lepok ah asa ku nikmat harita dahar , diuk na luhureun catang , kadenge si engkos teurab “ Nikmat ngoh , ko omongna kuring seuri katingali panon si engkos siga nu tunduh, ka bade ku kuring ge, cape, terus dahar nya pastina ge lumpat kana hayang sare ! “ Sok we gogoleran kos da salse ke we mulang mah, tah anggelan ku catang gera, da rarasaan mah hipu catang teh, genah gera ! ceuk kuring “ heueuh uing ge, ngomong kitu teh aki ge gagolehe da banget ku tunduh, teu tingaleun si koko tiluan pating sangsaya na catang anu karasana asa angel hipu , reup we hees.

Kumaha tah terusna ki ? nyi Otih ayeuna mah anu nanya teh. Ke heula atuh otih , aki hayang nginum heula yeuh , regot ki ongoh nginum nikmateun pisan sigana teh” Hanteu ari tepi ka bingbrit ma da saking ku kaget  keur genah sare karasa “ Na catang teh asa maju  , ceuk rarasaan teh . Singhoreng si engkos jeung si koko ge sarua ngarasakeun da tibuburanjat hudang , teu sirikna luncat , melong catang lukutan anu maju leleoran” Astagfirullah ko, kos oray gede gening caang teh ! ceuk kuring, si engkos sepa ,si koko katingali noroktok da jeung enyana kurang kurangna wisit hade mah siga nu seba nyawa ka oray sanca atuh .

Gentak kring saparakanca ngajauhan, muru suluh di shun ku sirah sarta gagancangan ka luar ti eta leuweung , tepi ka luar leuweung reureuh sakeudeung, napas gahegak ku kareuwas “ Aduh ko, mun kurang milik, meureun salah saurang ti urang geus aya na peujit oray ! “ Enya ngoh, alhamdulilah masih keneh di tangtayungan , hayu atuh urang mulang, bring we kuring baralik ka lembur , datang datang gubrag suluh sahurna teh di puragkeun , inget ka kareuwas, tapi nhun masih aya dina kasalametan nu kawasa, les we sare deui he he ngan enya euy ayeuna mah bantalna “ kitu tah caritana teh barudak “ ceuk ki ongoh nutup carita.

Enya ngalaman kuring ge kajadian kitu teh   ! puguh reuwas kacida mimitina mah ngan di tingali teh teu nanaon samalah..”Meugeus siah , ari nyarita teh sok nu lain lan ! ceuk aki ongoh. “ Da enya atuh ki ! tempas nyi otih “ Iraha kitu ilaing ngalaman kitu da sainget aki mah tara kamamana ? “ Eh basa mimiti pangantenan ki ! teu euleum euleum nyi otih ngajawabna, “ Bedus atuh , lain oran sanca atuh anu kitu mah otih, oray bedul meureun ! ceuk ki ongoh bari ngaleos , nu sejen pada sareuri , carita anu tadi pikasieuneu teh ngadadak buray , saperti burayna kumpulan jalma anu ngadengekeun carita aki ongoh tea, mangga tarik ku lagu bangbung hideung raos gera, tinu nyerat.

 

 

 

 

 

 

Asep Zepelin

Hanya Manusia Biasa Dengan Sejuta Mimpi yang akan menjadi nyata.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *